Posts

Showing posts from April, 2013

CATUR GALUR TI PAKUJAJAR.

Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan. Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya. Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiyang Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning Nu Manunggal. Laaillahaillalloh Muhammaddarrosulloh. Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma. Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an. Sarining Kuring ngajirim jatidiri. Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda. Babak carita urang buka ku tékad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH: Bral! urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda. Prak! urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda. Prung! urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat BudayaSunda. Hurung ngempur Lampu Agung – Siang Leumpang Ngabaladah. Ku Rasa nu Ngabasa. Ku Basa nu Mangrupa.

Permulaan

Image
Subhanallaah