CATUR GALUR TI PAKUJAJAR.


Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan.


Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya. Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiyang Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning Nu Manunggal.


Laaillahaillalloh Muhammaddarrosulloh. Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma. Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an.


Sarining Kuring ngajirim jatidiri. Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.


Babak carita urang buka ku tékad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH: Bral! urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.

Prak! urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung! urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat BudayaSunda.


Hurung ngempur Lampu Agung – Siang Leumpang Ngabaladah.

Ku Rasa nu Ngabasa. Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara. Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga. Ku Uga nu Ngawaruga.
Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundeuring jagat.


Pangjang ka nu ngajarak saban arah – ngajadikeun KARAMAH.

Pamatri nu ngajirim kana diri – ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabalé gandrung – ngajadikeun KARUMAH.
Panglébér nu mébér ka sékésélér –ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero – ngajadikeunKAROMAH.
Panggeter nu meper – ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung – ngajadikeun KEREUMAH.


Basa nu hirup dina Rasa – Nga UgaKANYATAAN.

Basa nu hirup jadi Wasa – Nga Waruga KALAMPAHAN.


Indung nu jadi simbul Panyipuh: Kembang tujuh rupa nu baris méré tangara seungitna Jati Sunda.

Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Pusaka Jati Rahayu Sunda.
Gelar hirhing ”BABAR SUNDA – DINA UGA – NGAWARUGA“.


Bral! muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara ré k ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.

Kuring rék ngaléngkah ti Wewengkon Siliwangi méré béja nu TEGES – ÉCÉS –BÉNTÉS: SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.


SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.

SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
SUNDA INDUNG SAGALA MANUSA.
Bral…! Prak…! Prung…!


Comments

Popular posts from this blog

PROSES INOVASI PENDIDIKAN

B. RUANG LINGKUP MANAJEMEN PESERTA DIDIK (Lanjutan)

MANAJEMEN PENGEMBANGAN KURIKULUM