DOA FOR WISUDA ANA MARYANA

Alhamdulillaah,
teu karaos ntos bade diwisuda deui Na, raraosan mah asa nembe kamari diOPAB-MATAKAKI teh. Heee

Ma'an Najah + Sing Lancar Wisuda Na.

Hampunteun nya Na, Emank teu tiasa ngahadiran tur teu tiasa masihan kenang2an Wisuda (hee), Komo deui di Photo sarengmah (HAHAHA NgareupP), pasti teu tiasa. Ngan tiasa ngadoakeun wungkul tika teubihan.

- Mudah-mudahan Na kengeng ilmu anu bermanfaat tur tiasa ngamanfaatkeunana kanggo diri-Na khususna, umumna kanggo Agama tur Nagara sareng tiasa ngajaga amanah anu bakal katampi nyaeta salasawiosna gelar sarjana. sanaos 3 hurufna (S.Pd.I) tapi about nyeukeulna pami teu tiasa Ngajaganamah.

- Sareng Pami bade diteraskeun ka tingkat anu salajeungna nyaeta S2, mudah-mudahan digampilkeun rizkina, digampilkeun sadaya urusanna tur lancar, sahingga tiasa neraskeun deui studina di Universitas nu ku Na dipikahoyong.

- Sareng Pami bade diteraskeun kana Marian dameul / ngajar / Bisnis. Mudah-mudahan kengeng tempat anu ku Na dipika hoyong tur lancar, Ageung Rizkina tur Berkah, sareng seueur anu mika nyaah ka Na.

- Sareng Pami ntos aya calonna tur bade diteraskeun ka Pelaminan "Sunah Rosul" hee, sing kengeng caroge anu sholeh, anu luhur elmuna, luhur darajatna tur anu kiat agamana, sahingga tiasa ngabimbing Na kana jalan anu dipika Ridha ku Allah SWT, sahingga kulawarga Na, janteun kulawarga anu sakinah, mawaddah tur marohmah anu aya dina lindungan tur rahmat Allah SWT. sahingga deui lahir murangkalih anu sholeh tur sholehah anu tiasa ngabakti ka iburamana, agama tur Nagara.

- Anu intina Mudah-mudahan sadaya cita-cita + hajat Na kapayunna dikabulkeun Ku Allah SWT. Aamiin Yaa Rabbal'aalamiin.

Bilbarkah Al-Fatihah............

Comments

Popular posts from this blog

PROSES INOVASI PENDIDIKAN

B. RUANG LINGKUP MANAJEMEN PESERTA DIDIK (Lanjutan)

MANAJEMEN PENGEMBANGAN KURIKULUM